WANCI haneut moyan di lingkung lembur Bungbulang. Harita panon poe katingali beuki bengras nyaangan sakuliah jagat.
Langit lenglang. Sakapeung mah dihias ku mega bodas anu patingrariak katingal bet matak waas.
Angin tiis ngahiliwir, neumrag Kana dangdaunan katebak patingarulang.
Dumuk ti kajauhan, harita kadenge Sora Hayam jago kongkorongok bedas naker patembalan. Lir mirig lengkah-lengkah para patani, anu harita geus papada sayaga pikeun ngagarap lahan tatanenna di sabudeureun pasawahan.
Reg, katingal eta dua lalaki teh eureun lengkahna di sisi galengan sawah. Bebekelanna ditunda di hiji saung leutik, tempat maranehna biasa ngaso pikeun ngareureuhkeun kacape dina mangsa ngalakonan kagiatan digawena.
Tapi kitu nateh maranehna duaan henteu langsung indit atawa ngamimitian hanca tatanenna. Tapi kalahka muru heula dariuk di pasisian. Tuluy kadenge duannana guntreng ngarobrol.
Nu saurang tetela nyaeta lalaki geus meunang umur sigana teh. Tapi awaknya katingali cangker jeung ngeusi. Da kulantaran sapopoena teh geus mindeng digawe beurat. Bari jeung katingali sehat tur aya komara ngandung wibawa.
"Jali..." ceuk eta lalaki kolot nyebut ngaran lalaki nu harita di ajak ngobrol. "Naha ilaing geus ngadenge beja ti rahayat lembur euy, ngeunaan kajadian 2 poe katukang.... Cenahmah salah saurang warga di lembur urang teh meunang kamusibahan??
Tapi ari ceuk eta beja mah, lain saukur kamusibahan wungkul cenah geuningan.
Nya, maksud kamusibahan di dieu teh, lain saukur leungit harta atawa nu sejena, Kitu Tah Jali.
Tapi cenamah nepika paragat nyawa, euy...." ceuk Lalaki kolot nu katelah Aki Dinta harita ngungkapkeun rasa panasarannana.
Sedengkeun Jali Lalaki anu katingali rada ngora keneh umurnya ti Aki Dinta, harita langsung ngajawab.
Ngan ngajawabna teh bari jeung dibarengaan ngarenghap panjang sagala rupa. Siga nu ngahaja miceun kasumpek jeung kahariwang anu tumiba jero hatena.
"Haaaahhhhh.....! Puguh bener pisan eta beja teh, Ki. Da malah mah apanan eta teh urut warga urang Oge.
Ngan geus lila ge teu dumuk deui di dieu. Muru pindah ka pasisian. Jauh kalembur cenamah imahna oge Ki.
Ari Aki hayang apal mah, Nyi Tarminah, geuningan, Ki... Maenya Aki ge, teu apal...." ceuk Jali bari dumareuda. Pinuh kahariwang pisan sigana teh.
"Ooooohhhh .... Bener, bener.... Inget ayeunamah, Jali. Nyi tarminah tukang sorabi tea, meureunnya....??
"Nyi Rumsah, atuh etamah Ki!" ceuk Jali bari rada nyenghor.
"Eeeh, naha make nyentak Sagala rupa geuning siahh....?"
"Geuleuh lah, tuda uingmah! Batur keur sedih, ieu kalah diajak heureuy....!"
"Yeeehhhh, Ari ilaing. Dewek mah da teu apal, wajar weeee atuh salah saeutikmah...!"
"Lain saeutik deui atuh etamah, Aki atah adol. Dua eutikmah heueuh we!"
"Ari silang ngomong teh ka mana wae. Teu nyambung deuleu siamah!. Ngabahas ieu, ngajawab na kieu.... Lieur, lah di dinyamah...!"
"Bae lah, NU pentingmah rame, We..." Ceuk Jali bari satengah hayang seuri. Rada leungit sigana kahariwang nateh.
******
Sajaba duanana guntreng ngarobrol, tikajauhan katingali rentang-rentang hiji lalaki bari manggul bubutunan sigana teh. Tapi lamun disidik-sidik deui, geuningan lain bubutunan eta teh.
Tapi leuwih ti mangrupa hiji wanoja nu ngahaja di panggul dina sabeulah taktakna beulah kenca!
Jali anu harita kabeneran ngalieuk, ka lebah eta lalaki, langsung jadi curinghak. Tapi leuwih ti mangrupa hiji wanoja NU ngahaja di panggul dina sabeulah taktakna beulah kenca!
Jali anu Harita kabeneran ngalieuk, ka lebah eta lalaki, langsung jadi curinghak.
Leungeun katuhuna gancang nepak ka Abah Dinta.
Ngan hanjakalna tepakan Jali lain ngeuna kana taktakna Abah Dinta. Tapi kalahkan nepak tarangna Jeung rada tarik deui. Nepika Abah Dinta ngadangheuak.
"Ki, Ki, Ki, gancang tingali deuleung, Ki. Itu tuh beulah hareup, Ki. Gancang...!"
Abah Dinta anu Harita ngejat Jeung kesel kapaksa ngalieuk. Sanggeus katingali naon anu ditujukeun ku Jali, harita manena sarua reuwaseunana.
"Ualah, bener eta titingalian didinya teh, Jali. Waduh.... Benar-benar nyurigakeun ieumah yeuh.... Teu rebes ieumah, Jali... Teu rebes ieumah!"
"Lain teu rebes, teu beres, meureun!"
"Tah, eta... Duh, sok loba salah, letah teh. Teu kaop manggih kareuwas."
"Biasa meureun, geus aki-aki mah!" ceuk Jali bari monyong.
"Heueuh menggeus Montong kapapanjangan, deuleu....! Ieu kumaha lamun geus kieu, Jali...? Sampeurkeun wae, naha EK kumaha ceuk ilaing....??"
"Ceuk kuringmah mending sampeurkeun wae, Ki lah .... Buahaya ieumah.... Buahaya...."
"Ari silaing wani Kitu?!"
"Puguh henteu ieu teh, mana ti tadi cicing oge...."
Saacan Abah Dinta ngajawab omongan Jali. Harita ti kaanggangan katingali patingbelesat dua Lalaki luncat cepet nakeranan. Teu Lila duanana terus panceg Dina tanggungan ngahadang Lalaki nu keur manggul wanoja dina sabeulah taktakna.
Serepet NU saurang gancang mesat bedogna, bari pok langsung nyarita bari dibarung ku nyentak Sagala rupa.
"Montong sambat kaniaya deuleu! Silaing nu ngaran Jurig Karuhun, geus mangsana tilar ti dunya di poe ayeuna pisan!
Kabiadaban Jeung kasarakahan geus leuwih ti weureu seubeuh, deuleu siah...!
Hayu, Marlan! Urang paragatkeun ieu nyawa mangkeluk hiji!"
Jleng, Jleng! Eta dua lalaki langsung tinggarajleng ngahurup KA lalaki NU disebut Jurig Karuhun tea!
NU hiji nyabetkeun bedogna Kana beuheung beulah kenca. Sedengkeun NU hiji deui, meupeuhkeun tonjokkannana kana iga burung lawan bari dibarengan sora ngahiuk bakating ku cepet Jeung tarikna eta teunggeulan.
Tapi anehna lalaki NU katelah Jurig Karuhun teh katingalina bet jiga NU tenang nyanghareupan eta dua panarajang.
Cukup ku ngagileukeun awakna KA gigir bari mundur KA tukang dua langkah, dua panarajang lawan harita ngeplos Ngan saukur nyabet Jeung ngahantem angin paribasana!
Plos! Plos!
Sabetan bedog Jeung tonjokan beunang disingkahan ku eta lalaki buuk Gondrong katelah Jurig Karuhun.
Sajaba ti eta manehna gancang ngalungkeun wanoja nu Aya Dina panggulannana KA luhur. NU saterusna tonjokan Jeung sepakannana nenggel pisan Kana tonggong Jeung punduk dua lalaki NU tadi maju narajang!
Duukkk!! Plakkkk!!
Uakkkkhhhh!!!
Marlan Jeung Sukmara patinggarero. Kitu nateh bari geuwat-geuwat mancuhkeun deui tanggungannana.
Sedengkeun Jurig Karuhun harita gancang newak awak wanoja NU tadi di alungkeun ku manehannana. Bari tuluy ditunda di luhur jujukutan.
Bari Kitu nateh teu bisa Lila, kusabab sarengsena nunda wanoja NU di bawana. Marlan Jeung Sukmara geus malik deui ngalepaskeun parajangna! Lebih cepet bari leuwih garang tinu tadi mimiti!
Jurig Karuhun gancang malikkeun awakna KA tukang. Sapasang leungeunna kenca-katuhu Jurig Karuhun dipake nangkis sabetan bedog jeung tonjokan nu dilakukan ku Marlan jeung Sukmara.
Desss! Desss!
Bangkieung. Marlan jeung Sukmara ting daligdeug KA tukang sabaraha lengkah. Kadorong ku kakuatan Tanaga lapisan NU dikerahkeun ku lalaki nu katelah Jurig Karuhun!
"Edan! Bener lain bantrak-bantrak ieu kakuatan mangkeluk anu katelah Jurig Karuhun teh. Teu bisa dianggap enteng.
Tapi kuring duaan NU katelah "Dua Macan ti Guha Jajar", moal pernah ngejat satunjang beas, Jeung mundur sasiku deuleu!" ceuk Marlan dina jero hatena.
Kitu deui Jeung Sukmara, Harita dina Jero hatena ngagerentes ngomong sorangan.
"Aduh! Edan! Bener-bener Edan ieumah! Teu sangka dewek duaan anu geus belasan taun turun gunung, Jeung weureu seubeuh pangalaman di alam kajawaraan, tetela euweuh mantakna dipake ngalawan ieu jelema nu katelah Jurig Karuhun!
Tapi ulah waka, bangga jeung Sugema deuleu siah. Saacan ngajungkiring jadi bangke, ngabebengkang jadi bugang. Pantang keur dewek duaan kudu mulang, saacan kacunponan naon nu jadi kahayang!"
********
Sedengkeun harita Jurig Karuhun. Ningali dua lawan patingdaligdeug tuluy ngaharuleng teh harita kalah katingali nyengir. Mata mencorong seukeut ngaburial ka Marlan eujeung Sukmara.
Ningali kaayaan lawan anu sigana teh bet ngagampangkeun pisan ka maranehna. Marlan jeung Sukmara anu di alam kajawaraan katelah Dua Macan ti Guha Jajar harita langsung ngagedur amarahna.
Dibarengan ku Sora satengah ngagerem harita dua nana langsung manceg keun deui kuda-kuda bari sapasang leungeuna di asongkeun kahareup!
Sabrehan mah siga NU arek nyakar eta leungeun teh. Tapi mungguh NU Matak heran, NU saterusna Tina eta dua leungeun nu diasongkeun teh, dadak sakala robah ganti rupa teu beda ti leungeun macan paribasana.
Kuku sareukeut, bari Jeung hideng lestreng deui. Sedengkeun tungtungna ngagurilap teu beda ti berisi anyar meunang ngasah!
Tetela, pikeun ngalawan Jurig Karuhun mah harita Marlan jeung Sukmara teh teu bisa deui maen-maen geuning.
Kabuktian ku maranehna dugaan nu langsung ngaluarkeun jurus pamungkas anu jadi andelannana "Ajian Macan Bayangan"!
*******
Nyaksian Kana kaayaan robahna waruga nu jadi lawan. Jurig Karuhun mah harita teh bet kalah katingali tenang-tenang we....
Malah Jeung bari dibarung ku heuay deui.
Atu puguh Harita Marlan jeung Sukmara nu geus kacida gemesna jeung sadia tatan-tatan ti awal langsung duanana tinggarajleng deui.
Gerakannya mungguh leuwih cepet mangkali-kali lipat ti batan gerakan mimiti. Sepasang leungeun patinghariuk siap ngabeset kulit Jeung daging Jurig Karuhun!
Pokonamah lamun keuna moal bet teu gudawang atuh. Komo lamun ningali kaayaan kuku anu sareukeut kitumah.
Tapi anehnya sakumaha panarajang nu datang, harita Jurug Karuhun masih keneh bisa nyingkahan.
Malah mah sabetan leungeun kenca Sukmara harita langsung labas sabab kadorong ku tanaga sorangan. Nepika nyamber menggel pisan Kana hiji tangkal kai. Nu saterusna langsung sapat Jeung tutung Sapada Harita!
*******
Kocapkeun harita Abah Dinta Jeung Jali. Anu harita ningalikeun ti kaanggangan teh ayameunamah bari tingdarepong.
Komo sanggeus ningali kaayaan loba tatangkalan sarapat kunu tarung eta tiluan. Duanana tangtuna leuwih gimir Jeung keueung, sieun kuma onam meureun ti ditunamah.
Harita kadenge Abah Dinta ngaharewos.
"Aduh, lamun ningali kaayaan anu samodel kitumah, boa-boa urang NU aya di dieu kalahka milu cilaka, Jali...
Mending indit wae, atawa kudu kumaha yeuh, ceuk pendapat ilaing nu leuwih ngora?"
Jali NU Harita meunang pananya ti Abah Dinta. Bet katingalina teh, kalangka olohok bengong, mata simeuteun.
"Eehhh....! Ari ditanya teh, sok kalah ngahuleng ilaing mah. Kumaha yeuh, nu alusna dilskukeun ku arurang ayeuna? EK kabur wae, Naha ek kumaha?"
"Kabur?? Kabur KA mana, Ki..?!" ceuk Jali jiga NU banget teu ngarti.
"Mantog, ti dieu maksud dewek, teh! Balik, ka lembur! Tapi ari ilaing ek balikna ka kuburan Atawa ek ngahaja KA Leuweung mah, nya kuma karep etamah. Jung teh teuing!" ceuk Abah Dinta bari rada nyenghor. Keuheul pisan sigana teh ka Jali.
Jali anu harita dipuncerengan bari Jeung disenghor, tuntungna mah, aya rada sieun Oge Harita. Komo deui lamun pek inget deui, lamun Abah Dinta teh dilemburmah mangrupa salah sahiji kokolot.
Anu tangtuna dihargaan juga mindeng diajenan ku Batur.
"Atuh Ari ek mulangmah, cuang mulang we, Ki. Ulah bari jeung ambek jeung sesenghor atuh. Sok araringgis Ari ningali aki-aki gede ambek, bari loba sesenghor teh, uingmah..."
"Naon araringgis na?"
"Nya araringgisnamah, sieun pas keur ambek-ambekan bari sesenghor teh. Saha nu apal ngadak-ngadak lenggerek Weh keuna ku panyakit jantung".
"Ari ilaing teh, nyingsieunan, Atawa ngadoakeun, etateh. Sangkan dewek tereh modar!."
Kitu hatita paguneman Aki Dinta Jeung Jali.
Bersambung.......
DONGENG SUNDA - JURIG KARUHUN - BALEBAT WANCI JANARI
Reviewed by Admin
on
January 24, 2021
Rating:
No comments: