JURIG KARUHUN BAG 1 : BALEBAT WANCI JANARI


WANCI haneut moyan di lingkung lembur Bungbulang, harita panon poe katingali beuki bengras nyaangan sakuliah jagat. Langit lenglang, sakapeung dihias ku mega bodas nu patingrariak katingal bet matak waas. Angin tiis ngahiliwir. Neumrag kana dangdaunan lir gugupay katebak patingarulang.


Di tungtung kampung Bungbulang, harita kadenge Sora Hayam jago kongkorongok bedas naker patembalan. Lir miring lengkah-lengkah para kaum tani NU harita geus pada sayaga pikeun ngagarap lahan tatanenna, nu aya di sabudeureun pasawahanana.

Reg, katingal eta dua lalaki ngeureunkeun lengkahna di sisi tegalan pasawahan. Bebekelan ditunda di hiji saung leutik, tempat maranehna biasa nyaso pikeun ngareureuhkeun kacape dina mangsa ngalakonan kagiatan digawena.

Tapi kitu nateh maranehna duaan henteu langsung indit atawa ngamimitian hanca tatanenna. Tapi kalah muru heula dariuk di pasisian pasawahan, bari kadenge duanana guntreng ngarobrol.

Nu saurang tetela nyaeta lalaki geus meunang umur sigana teh. Tapi awaknya katingali cangker ngeusi. Da kulantaran sapopoena teh geus biasa digawe beurat, bari jeung katingali sehat tur aya komara ngandung wibawa.

"Jali..." ceuk eta lalaki kolot nyebut ngaran lalaki nu harita di ajak ngobrol. "Naha ilaing geus ngadenge beja ti rahayat lembur euy, ngeunaan kajadian 2 poe katukang.... Cenahmah salah saurang warga di lembur urang teh meunang kamusibahan.

Tapi ari ceuk eta beja mah, lain saukur kamusibahan wungkul cenah. Nya, maksud kamusibahan di dieu teh, lain saukur leungit harta atawa nu sejena. Tapi cenamah nepika paragat nyawa, euy...." ceuk Lalaki kolot katelah Abah Dinta harita ngungkapkeun rasa panasarannana.

Jali Lalaki anu katingali rada ngora umurnya ti Abah Dinta harita nganawab. Ngan ngajawab nateh bari Jeung dibarengkan Jeung ngarenghap panjang sagala rupa. Sina nu ngahaja miceun kasumpek Jeung kahariwang anu harita tumiba jero hatena.

"Haaaahhhhh.....! Puguh bener pisan eta beja teh, Ki. Da malah mah pan eta teh urut warga urang Oge. Ngan da memang geus teu dumuk di dieu, muru pindah ka pasisian. Jauh kalembur cenamah imahna oge. Nyi Tarminah, cenamah eta teh, Ki... Maenya Aki ge teu apal...." ceuk Jali bari dumareuda. Pinuh kahariwang pisan sigana teh.

Bersambung.....




JURIG KARUHUN BAG 1 : BALEBAT WANCI JANARI JURIG KARUHUN BAG 1 : BALEBAT WANCI JANARI Reviewed by Admin on May 16, 2020 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.